B. Daerah

Pertanyaan

Naon mangpaat na dongeng pikeun barudak? Jentrekeun!

1 Jawaban

  • Dongeng mangrupakeun karya sastra wangun lancaran atawa prosa. Aya dua rupa prosa, nyaeta prosa buhun jeung prosa modern. Dongeng kaasupna kana prosa buhun. Conto karya sastra wangun prosa buhun lianna nyaeta carita wayang. Sedengkeun conto karya sastra wangun prosa moderrn nyaeta saperti novel jeung carita pondok atawa carpon.

    Eusi carita anu aya dina dongeng biasana mangrupa carita rekaan atawa khayal. Carita khayal anu aya dina dongeng biasana carita pamohalan atawa carita anu henteu asup kana akal jeung loba bohongna, saperti aya sato atawa tutuwuhan anu bisa ngomong.

    Carita dina dongeng anu pamohalan jeung loba bohongna eta sok dipikaresep ku barudak. Kusabab dongeng sok dipikaresp ku barudak, dongeng sok dijadikeun alat anu efektif pikeun pieunteungeun atawa picontoeun. Dongeng bisa dijadikeun pieunteungeun atawa picontoeun sabab carita dina dongeng bisa dieusi ku atikan anu aya gunana pikeun barudak.

    Sabenerna bisa wae rupa-rupa prosa lianna, saperti carpon jeung novel dieusi ku carita anu ngadung atikan. Tapi kusabab carita anu aya dina novel jeung carpon mah, sanajan caritana mangrupa carita khayal, carita anu aya dina novel jeung carpon mah biasana logis, henteu pamohalan saperti dongeng. Carita logis anu aya dina novel atawa carpon henteu pati dipikaresep ku barudak.

    Jadi, anu matak ngajadikeun hiji carita bisa dipikaresep ku barudak teh nyaeta caritana anu pamohalan jeung loba bohongna. Sedengkeun carita anu aya dina carpon jeung novel mah biasana dipikaresep ku barudak anu nincak dewasa. Kukituna dongeng nyaeta carita pikeun barudak, sedengkeun novel jeung carpon mah cocogna pikeun anu geus dewasa.

Pertanyaan Lainnya