Pek lemeskeun kalimah ieu di handap! 1.kakolot ulah sok wangkelang,2.kakolot kudu nurut.,3.teu nurut ka kolot mah kaasup dosa.,4.hirup kudu jujur,5.ulah sok pin
Pertanyaan
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Nu perlu diperhatikeun dina ngalemeskeun kalimah nyaeta yen dina ragam basa hormat / lemes teh aya dua rupa basa lemes nyaeta basa lemes pikeun ka sorangan jeung basa lemes pikeun ka batur. Basa lemes pikeun ka sorangan oge dilarapkeun keur ka batur sahandapeun atawa batur sapantaran.
Pembahasan
Nilik kana eusi kalimah nu rek dilemeskeun, eta kalimah teh nyaeta kalimah omongan kolot atawa anu saluhureun ka anu sahandapeun, jadi basa lemes nu kudu digunakeun nyaeta basa lemes pikeun ka sorangan. Contona, lemesna pikeun ka sorangan tina kecap daek nyaeta sarua "daek". Kitu oge kecap adi, basa lemesna pikeun ka sorangan nyaeta "adi".
Kitu oge pikeun kecap gering lemesna nyaeta udur, kecap dahar lemesna nyaeta neda. Pikeun ngajawab pananya di luhur, di handap ieu nyaeta lemesna tina kalimah anu disebutkeun di luhur:
- Ka kolot ulah sok wangkelang / Ka sepuh teu kenging sok wangkelang
- Ka kolot kudu nurut / Ka sepuh kedah nurut
- Teu nurut ka kolot mah kaasup dosa / Teu nurut ka sepuh mah kalebet dosa
- Hirup kudu jujur / Hirup kedah jujur
- Ulah sok pinter ngabohong / Teu kenging sok pinter ngabohong
- Doraka ti kolot mah bakal cilaka / Doraka ti sepuh mah bakal cilaka.
- Ka adi kudu daek ngasuh / Ka adi kedah daek ngasuh .
- Adi kudu di pikanyaah / Adi kedah dipikanyaah
- Lamun gering kudu daek dahar obat / Upami udur kedah daek neda landong
- Lamun gering kudu buru buru pariksa ka dokter / Upami udur kedah enggal enggal parios ka dokter
Pelajari lebih lanjut
- Tatakrama Basa Sunda brainly.co.id/tugas/11761324
- Undak usuk Basa Sunda https://brainly.co.id/tugas/11533355
- Ragam bahasa Sunda brainly.co.id/tugas/320344
__________
Detil Jawaban
Kelas : III
Mapel : Bahasa Sunda - Hormat Ka Kolot Jeung Ngajen Sasama
Bab : 8
Kode : 3.13.8
Kata Kunci : Ngalemeskeun kalimah