A. jieun kalimah tina kecap-kecap dihandap! 1. pangmasihkeun 2. pangmungkuskeun 3. pangmeresihankeun 4. sabulaneun 5. sakarungeun
Pertanyaan
1. pangmasihkeun
2. pangmungkuskeun
3. pangmeresihankeun
4. sabulaneun
5. sakarungeun
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Pikeun nyieun kalimah tina kecap-kecap anu disebutkeun perlu ditangtukan ragam basa anu kumaha anu rek digunakeun. Dina basa Sunda aya dua ragam basa nyaeta ragam basa hormat / lemes jeung ragam basa loma. Aturan atawa katangtuan anu ngatur ragam basa dina basa Sunda disebut Tatakrama Basa Sunda, anu baheula mah eta aturan teh sok disebut Undak usuk Basa Sunda.
Pembahasan
Kecap pangmasihkeun kudu dilarapkeun dina ragam basa hormat / lemes. Kecap sabulaneun kudu dilarapkeun dina ragam basa loma. Sedengkeun kecap pangmungkuskeun, pangmeresihankeun jeung sakarungeun bisa dilarapkeun boh dina ragam basa hormat / lemes boh dina ragam basa loma. Di handap ieu nyaeta conto kalimah tina kecap-kecap anu geus ditangtukeun:
- pangmasihkeun, Punten pangmasihkeun eta serat ka pa guru
- pangmungkuskeun, Eta sakantenan pangmungkuskeun lauk asin teh
- pangmeresihankeun, Punten pangmeresihankeun eta lauk anu kenging ngala teh
- sabulaneun, Sigana cukup eta beas teh keur sabulaneun mah
- sakarungeun, Rambutan anu meunang ngala teh aya sigana mah sakarungeun
Jadi, mikawanoh ragam basa anu merenah dina basa Sunda teh mangrupakeun hal anu penting. Nilik kana conto kalimah di luhur, ragam basa loma pikeun kecap pangmasihkeun nyaeta pangmikeunkeun. Sedengkeun ragam basa hormat / lemes pikeun kecap sabulaneun nyaeta sasasiheun. Dina ragam basa hormat / lemes aya dua rupa basa lemes nyaeta basa lemes keur ka sorangan jeung basa lemes keur ka batur.
Pelajari lebih lanjut
- Tatakrama Basa Sunda brainly.co.id/tugas/11761324
- Tingkatan bahasa dalam bahasa Sunda brainly.co.id/tugas/6748792
- Ragam bahasa Sunda brainly.co.id/tugas/320344
__________
Detil Jawaban
Kelas : VII
Mapel : Bahasa Sunda - Paguneman
Bab : 1
Kode : 7.13.1
Kata Kunci : Undak usuk basa Sunda, basa Sunda