B. Daerah

Pertanyaan

conto kecap kecap murwakanti dina kawih tanah sunda

1 Jawaban

  • Kategori Soal : Bahasa Sunda - Kawih
    Kelas : XI (2 SMA)
    Pembahasan :

    Kawih nyaeta salahsahiji rupa lalaguan Sunda. Aya sawatara rupa lalaguan Sunda, nyaeta saperti kawih, kakawihn jeung tembang. Ditilik tina rumpakana, kawih, kakawihan jeung tembang teh mangrupa karya sastra dina wangun ugeran atawa puisi. Kawih jeung kakawihan mangrupa wangun puisi anu henteu kauger atawa kaiket ku aturan. Sedengkeun tembang mangrupa wangun puisi anu kaiket ku aturan, nyaeta kaiket ku aturan pupuh. Aturan anu aya dina pupuh sok disebut guru lagu jeung guru wilangan.

    Sanajan kawih henteu kaiket ku guru lagu jeung guru wilangan saperti anu aya dina pupuh, dina nyieun kawih aya unsur-unsur anu kudu diperhatikeun sangkan kawih anu dijieun alus tur endah. Unsur-unsur anu diamksud nyaeta unsur tema, suasana, imaji, simbol, pilihan kecap anu merenah tur endah saperti anu ngadung wirahma, murwakanti jeung gaya basa. Murwakanti atawa purwakanti nyaeta padeukeutna sora kecap-kecap anu aya dina hiji puisi, saperti kawih.

    Ditilik tina perenahna, aya dua rupa purwakanti, nyaeya anu disebut purwakanti rantayan jeung purwakanti runtuyan. Purwakanti rantayan nyaeta padeukeutna sora kecap-kecap anu ngarantay dina hiji padalisan puisi, saperti kawih. Sedengkeun purwakanti runtuyan nyaeta padeukeutna sora kecap-kecap anu ngaruntuy antar padalisan hiji kawih.

    Conto purwakanti rantayan anu aya dina kawih Tanah Sunda nyaeta saperti anu kahiji antar kecap-kecap tanah, sunda, gemah, ripah. Purwakanti rantayan anu kadua nyaeta antar kecap-kecap, ngumbara, suka, betah. Purwakanti rantayan anu katilu nyaeta antar kecap-kecap toweksa jeung perceka, jeung sajabana ti eta. Sedengkeun conto purwakanti runtuyan nyaeta saperti kahiji antar kecap-kecap ripah, betah, sawawa, perceka jeung nyata. Purwakanti runtuyan anu kadua nyaeta saperti antar kecap-kecap pajajaran, kasmaran, rumaksa, sawajibna, pusaka, jeung sajabana ti eta.

Pertanyaan Lainnya